Sabtu, 13 September 2014

Kumpulan Sisindiran (Pantun Sunda) Bab Awewe / Wanita

Assalaamu 'a'laikum doeloer,,,apa kabar semua??? semoga baik segalanya ya :)
hemmmz,,,sudah lama rasanya ga posting,padahal kabayan teh sudah pernah bilang ya mau posting sisindiran
oke langsung saja buat urang sunda atau yang lainnya yang suka sisindiran silahkan dibaca aja ya kali aja dapat inspirasi :D kali ini kabayan seperti judul diatas akan menyuguhkan sisindiran bab awewe alias wanita plus yang pake nini2 juga hehe wilujeng maca!


Rincik rincang rincik rincang
aya roda na tanjakan
sidik pisan sidik pisan
nyai teh bogoh ka akang

Aya listrik di masigit
caangna ka Pabrik Kina
Aya istri jangkung alit
hanjakal teu di calana

Manuk ciung na pisitan
buah nona aratah keneh
dicium kunu kumisan
si nona kalahkah jebleh

Cangkang cau di pulungan
Cangkang leupeut di piceunan
Ari hulu di tiungan
Ari ....... di bikeunan (tebak w ku salira) :)

sugan teh mareme ateul
boro abdi gancang ngadek
sugan teh awewe bager
boro abdi gancang daek

kemis pahing kliwon wage
ngaran poe urang jawa
nu geulis ngising di kebon cabe
pohoeun urut na teu dibawa (heuheu piraku nya diwadahan)

salawe teh dua lima
mobil sedan cet na hejo
awewe jaman ayeuna
bisa dangdan teu bisa ngejo

kapinis murag na payung
macokan kembang kalapa
nu geulis tara di tiung
durukeun seuneu naraka

salawe teh dua lima
sate cingok di colok-colok
awewe jaman ayena
make androk pa pondok-pondok

ngala eurih ngala eurih
sapoe meunang sadapur
nyeuri peurih nyeuri perih
awewe kuring di rebut batur

rek ka Pasteur kahujanan
Balik gawe ka jalan layang
Aduh Lieur ngabandungan
Boga awewe loba kahayang

kapinis murag na payung
macokan kembang kalapa
nu gelis ulah ka duhung
menangken kuring nu kasep tea (hihihi PD w lah)

are-are daun pare
sayang manuk di buruan
awewe teu daek sare
hayang manuk nu buluan

meni hayang jambu amis
menangna kalah gumuyu
nyi iteung teh mani geulis
abdi nyebatkeun i love u

samangka seeur sikina
Dijual di pasar kemis
Eta saha nu nuju maca
Meuni seeur nu gareulis

Meulak Saledri sareung kangkung
Tangkalna dua ngahiji
Loba Istri ditariung
Hanjakal teu bisa Ngaji (deudeuh teuing)

Bangbara dina bangbarung,
kulit munding kahujanan.
Sangsara kuring dicandung,
gulang-guling ngan sorangan

Kaso pondok kaso panjang,
ngaroyom ka sisi leuit.
Anu denok anu leunjang,
ngaronom nu boga duit

Aduh éta hayam tukung,
naha bet los-los ka kolong.
Aduh éta mojang jangkung,
naha bét tonggongna bolong (moal jurig mah?) :D

Di dieu loba kanyéré,
hayang hiris dikapuran.
Di dieu loba awéwé,
hanjakal geulis dipupuran

Di dieu loba kanyéré,
hanjakal parentil kénéh.
Di dieu loba awéwé,
hanjakal carentil kabéh.

mang ajan nu ka ceu lilis,
mang ade nu ka teh lina,
sok sanajan henteu geulis,
tapi gede kanyaahna

daun turi jeung sarikaya,
potésna di kalaneuhkeun,
lamun istri geus sulaya,
pantesna dikumahakeun (sok kumaha coba) :)

Cikelét geuning Cikelét,,
Cikajang di daérah Garut,,
kapélét kuring kapélét,,
ku mojang nu gedé hitut

daun awi galeuh katapang,
ka Tunggilis dagang baso,
tos lami henteu patepang,
jeung nu geulis urang cikaso

kuda lumping jeung wayang golék_
ti Lakbok rék ka Tunggilis_
basa kuring leumpang dinu poék_
pa'amprok jeung awéwé geulis_

aya awewe ulin tipeuting
ngajak kacai jeung kang nana
lamun awewe make lejing
sok kaciri beulahan nana (kade ulah ngeres ah) :D

Loba Pare Dina Taneuh
Hargana duka sabarha
Aya Awewe Gede Reuneuh
Bapa'na Duka Saha (na'udzubillah nya)

Daun hiris dibeungkeutan,
Dibawa ka juru leuit.
Anu geulis ngadeukeutan,
Hayangeun dibéré duit.

Ti Lélés ka Kadungora
jalana mani molongpong
Baheula nini téh ngora
ayeuna mah enggeus ompong

hayu urang bareng ngecrik…
ulah poho mawa emberna…
kunaon mang ujang ceurik…
hayang nyusu ka nini na

kini kini kuang kuang
geutok geutok peupeundeyan
nini nini keur mendeyang
di bekok peperedeyan

manggih kunti di parigi
anak bogo na ayakan
nini nini lari pagi
ngadon mogok na tanjakan

aya jurig aya ririwa
nyai kunti dina ledeng
aya ijid aya ngewa
nini ngajak ngedeng (sare)

Ecet ecet oet oet
julung julung kini kini
tukang keset dinu poek
nyurung nyurung nini nini

Ka ci guha nganggon munding
mawa enteh ka saguling
itu saha mendi gining
singhoreng teh nini kuring

Meuleum manggu tengah poé
dicokélan kayu api
Malem minggu ninggang sué
diapélan aki-aki

nah sekian dulu doeloer pantun sunda untuk bab yang ini lain kali kabayan tambah,jangan lupa sharenya ye :)
ngarep.on.com hehe

Tidak ada komentar :

Posting Komentar

Untuk yang suka tolong komentarnya yaa,,,
Untuk yang tidak suka tolong komentar juga untuk perbaikan

Trim's